BAZNAS Kabupaten Sumedang

Amanah, Transparan, Profesional

Follow

Artikel

BAZNAS Edukasi

Bagikan

Khutbah Idul Fitri 1444 H : Tugas Pasca Ramadhan

KHUTBAH I
TUGAS PASCA RAMADHAN

 

اللهُ اَكْبَرْ (3×) اللهُ اَكْبَرْ (3×) اللهُ اَكْبَرْ (3×) اللهُ اَكْبَرْ كبيرا وَاْلحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَ أَصْيْلاً لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ اللهُ اَكْبَرْ وَللهِ اْلحَمْدُ إنَّ الـحَمْدَ لِلّهِ نَـحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، وَأَشْهَدُ أَن لاَّ إِلَهَ إِلاَّ الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُـحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُه اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا قَالَ اللهُ تَعَالَى فِي كِتَابِهِ الكَرِيْمِ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُون

Hadirin Jama’ah Sholat Id Rahimakumullah,

Puji Syukur Alhamdulillah, Urang Ummat Islam nembé réngsé ngalaksanakeun tugas anu beurat nyatana puasa salami sa-sasih di sasih Ramadhan 1444 H. Tugas anu tangtos karaos hese lain kusabab urang teu tiasa tuang, leueut sareng ngalakukeun hal-hal anu ngabatalkeun puasa, tapi kusabab urang parantos tiasa nahan hawa nafsu anu ngancik dina diri urang sadaya. Pamudah-mudahan urang sadaya ayeuna aya dina kaayaan suci, minal ‘aidin wal faizin. Oge mudah-mudahan sagala rupi amaliah mangrupa ibadah mahdhoh oge ibadah ghoer mahdoh tiasa ditampi ku Allah SWT, Taqabbalallahu Minna Waminkum Shiyamana Washiyamakum, Taqobbalallahu Ya Kariem.

Hadirin Jama’ah Sholat Id Rahimakumullah,

Sa-atos ngalangkungan ujian sasasih lamin dina sasih anu pinuh barokah, sakurang-kurangna urang gaduh 3 (tilu) “tugas” anu kedah di keureuyeh sa-atosna rengse Ramadhan, nyeta :

Kahiji, urang kudu ngajaga jeung ningkatkeun iman-takwa ka Allah SWT.

Dina surat AI-Baqarah ayat 21 Alloh ngadawuh :

يٰٓاَيُّهَا النَّاسُ اعْبُدُوْا رَبَّكُمُ الَّذِيْ خَلَقَكُمْ وَالَّذِيْنَ مِنْ قَبْلِكُمْ لَعَلَّكُمْ تَتَّقُوْنَۙ

Hartosna: “Yeuh manusa! Prak maraneh geura aribadah ka pangeran maraneh anu geus ngayugakeun maraneh katut jalma-jalma anu samemeh maraneh, supaya maraneh jadi jalma-jalma anu tarakwa

Urang tiasa ngajantenkeun ayat ieu janten alarm, panginget yén urang aya di dunya ieu aya anu nyiptakeun, aya anu ngajaga sareng sing emut dina hiji dinten urang bakal uih deui ka Anjeunna, ka Allah SWT.

Saparantos rengse sasih ramadhan, urang teraskeun ngado’a ka Allah SWT supados tetep kuat sareng sumanget pikeun ngalaksanakeun parentah Allah SWT sakumaha sumangetna nalika ngalaksanakeun parentah ieu dina sasih ramadhan. Rosulullah SAW ngajarkeun ka urang doa :

يَا مُقَلِّبَ الْقُلُوبِ ثَبِّتْ قَلْبِي عَلَى دِينِكَ

Hartosna: “Wahai Dzat anu nga-bolak-balikeun hate, teguhkeun hate abdi kana agama Anjeun.

Dina Al-Qur’an Surat Ali Imran : 8, dikisahkeun yen jalma-jalma anu boga elmu anu jero (Arrasikhuna fil ilmi) sok ngadoa ka Allah SWT sangkan ditetepkeun dina ngalaksanakeun agamana sarta teu tigebrus kana kasesatan.

رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ اِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَّدُنْكَ رَحْمَةً ۚاِنَّكَ اَنْتَ الْوَهَّابُ

Hartosna : (Maranéhanana ngadoa,) “Nun Gusti Pangeran abdi sadaya, Mugi Gusti heunteu nyasarkeun hate abdi sadaya saparantos Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya, sareng mugi Gusti maparin rahmat ka abdi sadaya langsung ti Gusti, sayaktosna Gusti anu Maha Berehan”.

Hadirin Jama’ah Sholat Id Rohimakumullah,

Tugas anu kadua nyaeta : urang kudu ngajaga duduluran (ukhuwwah).

Saatosna urang saling hampura (ngalakukeun halal bi halal) urang kedah ngajaga ukhuwah. Aya tilu ukhuwah anu wajib ku urang jaga, nyaeta ukhuwah Islamiyah (persaudaraan sesama muslim), ukhuwah wathaniyah (persaudaraan antar sesama bangsa Indonesia), sareng ukhuwah basyariyah/insaniyah ( babarayaan sasama manusa). Upama tilu ukhuwah ieu geus ngancik ka hiji jalma saenggeus ramadhan, mangka urang jadi hamba Allah anu sadulur, ulah saling siksa, ulah silih kuciwakeun, ulah silih hina, ulah silih teror jeung ulah silih paehan.

Ceuk paribasa sunda mah Hirup kudu akur jeung batur sakasur, batur sadapur, batur sasumur, jeung batur salembur. runtut raut sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak, saréngkak saigel sabobot sapihanéan.

Hadirin Jama’ah Sholat Id Rohimakumullah,

Tugas katilu Pasca Ramadhan nyaeta ningkatkeun ibadah jeung amal soleh.

Ibadah jeung amal soleh kudu dilaksanakeun sacara kontinyu (langgeng) atawa Mudawamah. Penjelasan ngeunaan Ibadah sareng amal soleh tangtos lega pisan sareng bentukna rupa-rupa. Aya sababaraha cara jeung wangun ibadah anu tiasa dilakonan saba’da ramadhan, ti mimiti solat, haji jeung sajabana.

Salah sawios ibadah anu tiasa di laksanakeun sarengsena ramadhan nyaeta ibadah puasa sunat 6 (genep) dinten di bulan syawal.

عن أبي أيوب رضي الله عنه أن رسول الله صلى الله عليه وسلم قال: من صام رمضان ثم أتبعه ستا من شوال كان كصيام الدهر. رواه مسلم وأبو داود والترمذي والنسائي وابن ماجه

Hartosna: “Ti Abu Ayyub RA, yen Rosululloh SAW ngadawuh sing saha anu puasa dina bulan Ramadhan tuluy dibarengan ku puasa genep poe di bulan Syawal, maka manehna ibarat puasa sataun“.

Para ulama ngajelaskeun ngeunaan hadits di luhur yén puasa 30 poé Ramadhan ditambah puasa 6 poé Syawal jumlahna 36 poé. Tiap 1 poe puasa diganjar 10 pahala anu hade, jadi puasa 30 poe Ramadhan ditambah puasa 6 poe Syawal teh sarua jeung 360 poe atawa sataun.

Hadirin Jama’ah Sholat Id Rahimakumullah,

Lajeng kumaha sareng amal soleh ? Nabi Muhammad SAW, parantos masihan conto pikeun urang yén amal sholeh tiasa dilakukeun ku saha waé, iraha waé sareng dimana waé. Pikeun ngalaksanakeun amal sholeh, teu kudu mahal, teu kudu gawé ripuh, sarta teu kudu boga waktu anu husus. Dina zaman modern era katerbukaan informasi sapertos ayeuna, ngalaksanakeun amal sholeh tiasa dilakukeun kalayan gampang, sederhana, biayana mirah salami urangna ngagaduhan kahoyong atawa karep anu kuat!

Upamana, nepikeun dakwah anu hade, boh dakwah langsung anu kaluar tina lisan urang atawa dakwah dina wangun tulisan. Kadang-kadang dakwah dina wangun tulisan (sapertos dakwah di média sosial) gaduh pangaruh anu langkung luas sabab tiasa dibaca ku ratusan bahkan rébuan jalma. Ku kituna, pikeun ngalaksanakeun amal sholeh di media sosial maka urang kedah bijak ulah sagawayah.

Conto anu sanes nyaeta nyingkirkeun cucuk/batu di jalan atawa naon bae anu ngahalangan. Ieu conto ngagaduhan harti anu lega pisan. ku barudak pesen ieu bisa diinterpretasi sacara harfiah atawa letterlijk. Tapi pikeun manusa déwasa, tangtu hartina tiasa loba tur lega.

Halangan di jalan pikeun pulisi bisa dihartikeun lobana kamacetan di mana-mana, jeung tugas amal soleh-na polisi nyaeta ngalancarkeun sagala rupa anu jadi halangan di jalan raya. Pikeun guru, dosen atanapi ustadz, halangan tiasa dihartikeun ayana kabodoan di tengah-tengah masyarakat, tugas pokok anu jadi amal sholehna nyaeta nepikeun atawa ngabagi ilmu pangaweruh anu dipimilikna.

Pikeun dokter atawa tenaga medis, halangan bisa dihartikeun ngancikna mangpirang-pirang panyakit di hiji jalma atawa masyarakat, tugas pokok anu jadi amal sholehna nyaeta mantuan “ngaleungitkeun mangpirang-pirang panyakit” ku metode atawa terapi anu dipimilikna. Pikeun pagawé atawa birokrat, halangan bisa dihartikeun salaku pagawéan anu teu bisa direngsekun ku sorangan, ku kituna nyaeta tugas pokok anu jadi amal sholehna nyaeta mantuan “ngaleungitkeun halangan” ku cara ngahontal gawé babarengan.

Sakitu heula makna amal soleha anu tiasa ka dugikeun, tangtos masih seueur anu tiasa para wargi uningakeun janten contoh anu sejenna.

Hadirin Jama’ah Sholat Id Rahimakumullah,

Di antara tanda-tanda anu nuduhkeun katampina amalan urang nyaéta neraskeun prak-prakan ibadah sareng amal sholeh dina waktos-waktos salajengna, di luar sasih ramadhan, Sabab prak-prakan nu hade bakal narik laku nu hade saterusna. Ku kituna hayu urang salawasna ngajaga ibadah sareng amal sholeh urang sadaya jeung ulah balik kana maksiat sanggeus urang tobat ka Allah Subhanahu wa Ta’ala.

بارك الله لي ولكم ونفعني وإياكم بالايات وذكر الحكيم وتقبل مني ومنكم برحمتك يا أرحم الراحمين

KHUTBAH II

اللهُ اَكْبَرْ (4×) اللهُ اَكْبَرْ (3×) اللهُ اَكْبَرْ كبيرا وَاْلحَمْدُ للهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ الله بُكْرَةً وَ أَصْيْلاً لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَاللهُ اَكْبَرْ اللهُ اَكْبَرْ وَللهِ اْلحَمْدُ. اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهّ أَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

* ) File PDF tiasa didownload ti tautan ieu : Khutbah PDF

Arsip Terkait

Login User

Silahkan login untuk mengakses Area User BAZNAS Kabupaten Sumedang